TONGGERET

Jumat, 25 Juni 2010

Wanci satengah tilu sore
Mimiti tonggeret raeng disada
Kawilang teu cape
Ngageret bareng bari teu sumbang

Tonggeret...tonggeret....tonggeret....
Dipapaes ku caricangkas nu mimiti ngahelas
Layung koneng ibar ti beulah kulon
Anjeun tetep ngageret tepi ka wanci magrib

Tonggeret...tonggeret....tonggeret....
Siloka naon atuh ari tonggeret teh???
Tong ngageret kitu........
Atawa tong pereket.....
Ah ngan anjeun tonggeret anu bisa ngajawab
Tong....tong.....tong....Geret

0 komentar:

Posting Komentar

 
 
 
 
Copyright © Kalbu Blog